Senin, 12 Maret 2012

Pidato Bahasa Sunda Tentang lingkungan

Yang lagi nyari Contoh pdato bahasa sunda dengan tema lingkungan silahkan seetelah beberapa waktu lalu juga menuliskan artikel Contoh Pidato Bahasa Sunda kali ini kembali menuliskan artikel tentang Contoh Pidato Bahasa Sunda Pendek bertema lingkungan semoga bermanfaat dan berkenan untuk tugas sekolah anda atau belajar anda
teks pidato bahasa sunda

CARITRA LINGKUNGAN


Assalamuallaikum...Wr..Wb

Bapak-bapak kalih Ibu-ibu anu ku sim kuring di pihormat , Langkung ti payun mangga urang panjatken puji ka gusti anu maha suci, puja kagungan anu maha kawasa, syukur kagungan Allah nu maha gofur. Salawat sareng salam mugi-mugi di kucurkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Rosulullah S.A.W. atuh teu hilap urang sadaya anu janten umatna mugia kenging rahmat sareng safaat ti manten-na jaga di yaomil akhir “Amin Yarobal Alamain”.

Ibu-ibu, wargi hadirin sadayana. Ku ngalangkungan ieu acara Alhamdulillah urang tiasa kempel ngariung pa teuteup wajah di ieu tempat mugi kenging ridho Allah Swt. “Amin Yarobal Alamain”.

Wargi hadirin sadayana, sim kuring utusan ti darma wanita kecamatan Bantarujeg, panginten urang moal wanoh pami teu wawala, moal apal pami teu patepang. Naon atuh anu bade di carioskeun teh? Teu aya sanes seja nutur jalur carita lingkungan nu aya di sabudeuren wewengkon sim kuring nyaeta kacamatan Bantarujeg.
Wargi hadirin sadayana ; upami ku urang di titenan hiji-hiji nikmat ti Allah Swt. Tangtos moal ka etang anu pantes sareng payus ku urang di tafakuran sareng di syukuri.
Syukur dina istilah Islam,

Syukur nyaeta urang tumarima wireh sadaya nikmat ti Allah Swt sareng urang tiasa ngalaksanakeun sadaya kawajiban anu di parentahkeun ku Allah Swt sareng ninggallkeun naon-naon anu di larang ku Allah Swt.


Hirup sareng kahirupan urang aya dina hiji lingkungan ieu  teh mangrupakeun anugrah ti Allah Swt sapertos sim kuring hirup di lingkungan kecamatan Bantarujeg hiji kacamatan anu tebih tina karamean, lingkungan nu teu kinten tebih tina kasampurnaan naon anu dipiharep ku pamarentah jaman kiwari, Bantarujeg anu disebat desa-desana aya di pagunungan ti desa ka desa jalan naek turun anu jumlah sadayana 13 desa. Rupina Bantarujeg kadua paling ujung anu kalebet kabupaten majalengka, tiap para padamel anu di tugaskeun ka bantarujeg sok nyebatkeun di buang, padahal anu tos ngalaman hirup di lingkunga Bantarujeg sadayana oge sok ngaraos nyaman sareng betah.

Tapi sok sanaos tebih ti kota kabupaten, Alhamdulillah di lingkungan Bantarujeg aya salah sahiji sumber daya alam mangrupa batu anu tiasa di reka-reka warna-warni bentukna sareng tiasa di manfaatken kanggo kaperyogian masyarakat Bantarujeg khususna. Salain ti eta tiasa oge di kintun kasetiap pelosok-pelosok bahkan dugikeun ka aya anu tos tiasa di ekspor ka luar negeri.

Sagedengeun ti eta aya deui hiji batu anu kacida gedena tur matak resep ningalina, upami saur bahasa Indonesia-mah di sebatnateh “gunung yang tidak berbaju”  nyaeta gunung buligir namina, anu legana kinten-kinten sahektar, tah ieu teh hiji gunung anu tiasa di anggo rekreasi ku masyarakat ti setiap pelosok, salain ti eta sok biasa oge di anggo taman rekreasi ku murang kalih sakola upami nuju liburan sakolana, katambih deui ku masyarakat anu ti luar kabupaten Majalengka, padahal eta gunung mung sakadar gunung tanpa aya wahana anu di jieun ku jalma estuning dadamelan Allah Swt. Sok kitu deui upami masyarakat lingkungan bantarujeg tiasa ngarawat ka eta tempat rekreasi panginten tiasa nambahan kana panghasilan masyarakat desa Silihwangi. Mung panginten kanggo ningkatkeun sumber daya alam eta teh kedah meryogikeun modal, ieu nu janten implengan warga masyarakat atanapi lingkungan Bantarujeg.

Bu, ayeunamah lingkungan Bantarujeg teh teu kakantun-kantun teuing, boh tina so’al pendidikan, ekonomi, sosial. Margi satiap lingkungan tos aya sumber daya alam kanggo ningkatkeun hirup jeung kahirupan masyarakat.

Rupina sakitu anu tiasa kapihatur caritra ligkungan di sabudeureun kacamatan Bantarujeg, kirang sareng langkungna neda di tawakuf anu saageung-ageungna.

Billahi taufik walhidayah, 
Wassallamualaikum warahmatullah wabarokatuh.


TAG:

pidato bahasa sunda tentang pendidikan kebersihan naskah pidato bahasa sunda perpisahan